Arsip Panulis pikeun Mang Memed

22
Agu
09

Tatarucingan Sabun

Sabun naon anu bau?

Sabuntar-sabuntar hitut

Halah hitut deui waeh

Sumber : Aom Dani

22
Agu
09

Nurdin M titik-titik

“Nurdin” anu katewak kamari ku Densus teh cingcirining seueur alias na :

  1. Anu katewak nuju di jamban (siga kamari dina tipi) : Nurdin M Pup
  2. Anu katewak nuju nguseup : Nurdin M Pang
  3. Anu katewak nuju dugem : Nurdin M Bassy
  4. Anu katewak nuju ngagosip : Nurdin M Ber

Naon deuih atuh nya…

Sumber : Aom Dani

16
Agu
09

SIPAT JALMA DUMASAR KANA RUPA2 HITUTNA

Jalma jujur
Jalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu Jujur
Jalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur

Jalma belegug
Jalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana

Jalma nu berwawasan
Jalma nu apal iraha kuduna hitut

Jalma nu Misterius
Jalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun

Jalma nu sok gugup
Jalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut

Jalma nu Percaya Diri
Jalma nu yakin yen hitutna seungit

Jalma nu Sadis
Jalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeun
ka irung batur

Jalma nu Isinan
Jalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan

Jalma nu Strategic
Lamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna

Jalma nu Bodo
Lamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar

Jalma nu Pedit
Lamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada
tit..tit..tit…

Jalma nu Sombong
Jalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan

Jalma nu ramah
Jalma nu sok resep ngambeuan hitut batur

Jalma nu tara gaul
Mun hitut sok bari nyumput

Jalma nu Sakti
Mun hitut bari make tanaga dalem

Jalma nu pinter
Jalma nu bisa nyirian hitut batur

Jalma nu sial
Mun hitut kaluar jeung bukur-bukurna…

kenging mulung ti : http://lemburkuring2007.wordpress.com/humor/

15
Agu
09

Ngawitan ieu blog

Bismilahirohmanirohim.

Alohuma bariklana fima rozaktana wakina azabanar.

Mudah-mudahan ku didamelna ieu blog, abah tiasa nambahan elmu na, ngalobaan baraya na, manjangan eta na (naon eta teh abah) – jeung nu pasti ngirangan gelo na da dibagi-bagi ka nu maca.  Heuheuy, naha gelo bet ngajak-ngajak.

Teuing ah!

15
Agu
09

Nu Gelo

Yeuh jang, abah teu ngeunah yeuh disebut nu gelo anyar.

Naha kitu bah?

Pan abah mah geus lila gelo na deuleu!




Merdeka!

Anu rame


Follow

Get every new post delivered to your Inbox.